Minggu, 30 Agustus 2009

Tanya Jawab Kuring jeung Kang Abdurochman (Sesepuh Damas)

Tanya Jawab Kuring jeung Kang Abdurochman (Sesepuh Damas)
Make SMS ti Tanggal 30 – 10 –2004 Jam 15.23:29 nepi ka 31 – 10 – 2004 Jam 12.37 : 30. Kuring di Bandung Kang Abdurochman teuing di mana.

P (Nandang) : Kang ari lailatul kodar teh siang atawa wengi, pedah we hartosna wengi ?
J (Kang Abdurahman) : Sae pisan patarosan teh. Saur basa hakekat mah teu siang teu wengi, margi bumi teh buleud, di urang wengi di sabeulahna siang. Makna wengi teh poek, ari poek teh langit, ari langit teh ghoib. Laelatul qadar teh katangtuan tinu ghoib ! Wallohu alam!
P (Nandang) : Dina saum taun kamari, naha abdi kenging kajantenan nu aneh sagorolong jeruk nipis miraj, bari nuju teu saum ?
J (Kang Abdurahman : Har , da ayatna oge teu khusus kanu saum, tapi dina sasih saum bakal lungsur katangtuan tinu ghoib. Duka ka saha nu gaduh milik ....
P (Nandang) : Amin.
J (Kang Abdurahman) : Peuting hartina "peteng" (teuing teu terang, teu nyaho, poek). Beurang hartina "baeu rangrang" (bray-brayan, terang, nyaho). Lailatul qadar teh pituduh keur nu poek teu nyaho nepi ka terang nyaho kana rusiah nu ghoib. Tah cing naon miraj anu kaalaman ku sdrk teh
P (Nandang) : Sagorolong jeruk nipis, miraj pependak sareng Mantenna. Heran kang, bet ka abdi?
J (Kang Abdurahman) : Subhanallah, mugi enggal sujud, eta teh amprok sareng "wajah Na", anu aya di mana-mana. Eta hakekat na sholat teh, kedah dugi ka amprok baca : inni wajahtu wajhiyalilladzii wal ardhi hanifam muslimaw wama ana minal musyrikin ... dst dina iftitah....
P (Nandang) : Naha atuh bet ka abdi, Kang ? Abdi tara solat teu puasa ?
J (Kang Abdurahman) : Kapan anu umum mah ukur sholat syareat, sholatulmuslimin. Sdrk mah rupina tiasa sholatulmuminin (hakekat) anu dianggo ku wali / nabi. Ari Rosul duanana, fisik & qolbu, sholatul muqarobbin. Geura cobian nikmatna sholat Rosululllah ... Insya Allah bakal langkung kabuka.
P (Nandang) : Kang abdi teh murtad, naha bet kitu ?
J (Kang Abdurahman) : Eta teh ciri diri nuju tasalsul, nyukcruk galur mapay laratan. Justru eta teh dongkapna ka anu nuju dina "pamurtadan". Margi murtadna sanes ingkar, tapi siga para wali khoriqul addah (diluar kalang nu umum). Malah moal bisa nepi ka tingkat siddikin lamun teu wani murtad heula .. Da engke mah moal aya sesebutan "aya / euweuh", tapi sirna tina sagala panyangka makhluk !

2 komentar:

  1. kang abdi teh nuju murtad?
    hehehehe .... sae, jero patarosan teh kang..

    BalasHapus
  2. tina nu tadina ngan jungkel juralit acong-acongan.. ayeuna jadi resep "munjungan" ka batu satangtung.. ngadeuheus ka patilasan-patilasan teu puguh aran,
    murtad soten ceuk nu can ngahontal hakekat, ceu nu nyaho di beuti na mah nya Rampes wae..

    BalasHapus